Galura, Minggu IV, Séptémber 2008
“Tina naskah-naskah kuna bisa dicindekeun agama Islam saenyana geus sumebar di tatar Sunda jauh saméméh Déwan Salapan aya,” ceuk Undang Darsa, M. Hum., salahsaurang ahli pilologi nu kawilang nyongcolang. Anu dimaksud Déwan Salapan ku ieu dosen Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung téh taya lian ti Wali Sanga.
Dina naskah Carita Parahyangan (abad ka-16 katompérnakeun) upamana disebutkeun di tatar Sunda anu munggaran ngagem agama Islam téh Bratalagawa, putra kadua Prabu Pangandiparamarta Jaya Déwabrata atawa Bunisora Suradipati. Bratalagawa téh sodagar, mindeng balayar ka nagara-nagara nu jauh: Sumatra, Cina, India, Srilanka, tepi ka Arab.
Dina sajarah lokal di Cirebon, disebutkeun Bratalagawa sanggeus nganut agama Islam jeung ngalakonan ibadah hajidatang deui ka tatar Sunda taun 1337 Maséhi. Katelah ku sebutan Haji Baharudin nu sanggeus mukim di Cirebon sarta nyebarkeun Islam dijulukan Haji Purwa Galuh, dumeh Bratalagawa téh urang Galuh munggaran nu munggah haji.
Abad ka-15, kira-kira taun 1416 Maséhi, di Tanjungpura (Karawang) badarat ulama ti Campa (Viétnam), Syéh Hasanudin nu tadina milu ka rombongan armada Cina nu dipingpin ku Laksamana Chéng Ho. Di Karawang, Syéh Hasanudin nu katelah ku julukan Syéh Quro ngadegkeun pasantrén.
Dina waktu nu sajaman, di Pasambangan, Amparanjati, deukeut Palabuan Muarajati (Cirebon) mukim Syéh Datuk Kahfi. Sarua ngadegkeun pasantrén jeung nyebarkeun agama Islam. Taun 1470 Maséhi, Syéh Syarif Hidayatullah, nu ceuk sajarah lokal masih kénéh katurunan raja Sunda, nu lahir di Mesir, dumuk di Cirebon.
Ti paro abad ka-15, Islam beuki sumebar di tatar Sunda, lain ngan ukur di basisirna. “Anu diajarkeunana hakékat Islam, galeuhna atawa inti ajaran islam. Naskah-naskah ti abad-16 tepi ka abad ka-17, najan teu nyebutkeun ajaran Islam, eusi téks naskahna kandel pisan ajaran kaislamanana,” ceuk Undang Darsa.
Ku raja-raja Sunda, ceuk Undang Darso, sumebarna agama Islam di tatar Sunda, henteu dipandang hiji ancaman. “Nu matak Prabu Wastukencana teu ngaharu biru Haji Purwa, Syéh Quro, Syéh Datuh Kahfi nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Pantura Jawa barat. Asal ulah ku cara paksa pirusa, ulah tepika ngabalukarkeun riributan,” pokna.
Naon pangna raja-raja Sunda, babakuna sanggeus Wali Sanga ngalalakon, siga anu ngamusuhan ka Islam tepi ka dirurugna? “Sikep (raja-raja Sunda) kitu lain lain ditujukeun ka agamana. Ku Demak jeung Cirebon Islam geus dijadikeun kakuatan pulitik,” ceuk Prof. Dr. Edi S. Ekadjati suwargi dina salahsahiji tulisanana.
Undang Darsa nyebutkeun peperangan antara karajaan Sunda jeung Demak, Cirebon katut Banten lain perang agama, tapi perang pilitik. “Saacan aya Déwan Salapan, Islam téh geus sumebar ka wewengkon pagunungan bari meunang panangtayungan ti raja-raja Sunda. Atuh Sri Baduga Maharaja, dina sajarah lokal disebutkeun ngadahup ka Subanglarang nu geus ngagem Islam,” pokna.***(Nanang S.)
Diberkaskeun dina: Sejarah


ayeuna usum cari eun film. kuma lamun urang nyieun film islam berbahas sunda. saderek !!
Salam,
Mungkin wae aya benerna, kusabab teori ngeunaan sumebarna Islam ka nusantara teh henteu tunggal alias rupa-rupa. Kudu dibedakeun antara asupna Islam nyaeta hiji dua muslim nu geus ngagem agama Islam jeung sumebarna Islam. Nu kahiji mah sipatna indipidual, nu kadua mah sosial, gerakan. Tah dewan salapan teh nalika geus jadi gerakan massal dicirikeun ku ayana karajaan Cirebon. Mangkana oge sipatna dakwah jeung politik. Jadi, sabenerna teu aneh pamanggih kang Undang Darsa teh, ngan nguatkeun teori nu aya anu salami ieu ku kuring diajarkeun ka mahasiswa jurusan sejarah Islam UIN Bandung.
Komo mun urang asup kana bahasan leuwih imeut ngeunaan asupna Islam di nusantara, kaasup ka tatar Sunda. Teori asupna Islam teh kudu dibahas ngeunaan tokoh jalmana (indipidu ulama) nu rea, waktuna nu beda-beda, tempatna oge nu loba. Jadi, salami ieu can aya nu pang mutlakna jandi teori nu pageuh.
Ngan cindekna mah, angger kudu dibedakan antara asup indipidual jeung gerakan sosial diluhur. Ku eta mah gampang bahasan teh, rengse. Jadi, ari tokoh indipidu mah bisa aya nu leuwih heubeul tibatan pamanggih Kang Undang. Kukituna, teori Islam asup ka Nusantara, kaasup ka Sunda teh mungkin wae ti abad ke tujuh keneh, ti jaman Khalifah Umar bin Khattab keneh, nu dicepeng ku sababaraha sajarawan, kaasup sim kuring.
Kitu,
Cag ah,
Moeflich Hasbullah
Aya inpo nu lucu. Kamari di UIN Bandung aya seminar, kaasupna lepel internasional, ngeunaan, “Islamic Thought and Sundanese Culture.” Dibiayaan ku sababaraha Universitas internasional nu hayang saba ka sababaraha nagara Muslim. Naon nu lucu? Eta seminar Sunda, nu nyuguhkeun makalahna, alias para pembicarana tea, teu aya ahli Sunda hiji-hiji acan. Aya oge Pak Juhaya S. Praja nu ahlina Filsafat Hukum Islam. Sim kuring hayang seuri. Na teu arapaleun kitu di Sunda teh loba ahli Sunda-Islam atawa Islam Sunda? Boa-boa enya. Ceuk si Oded, eta pengkhianatan ka para ahli Sunda. Ceuk sim kuring, lain kitu. “Eta mah seminar ngahormat tamu. Seminar ASYA (asal aya), bae eusina ngacapruk oge. Nu penting tamu senang ngarasa dihormat. Kitu.” Dikitukeun mah si Oded teh nyerengeh weh ngartieun…
ayi muflih teu kenging kitu, sok awon manah wios wae seminar mah naminage seminar. maklum atuh ari dikampungmah seminar teh barang aheng komo deui nu sumpingna ti mancanagara kacida sumangetna. ngan hanjakal waktosna samporet, saur panitiya mah mung sasasih dipasihan waktos nateh. inohong kasundaan mung kang haaedar alwasliyah anu sumping nu sanes namah aya pamengan.
Numpang iklan euy.. http://www.maqamatcinta.wordpress.com berisi artikel tentang mukjizat al-Qur’an dan tafsir fi Zhilalil Qur’an (terjemahan ana)