Pasantren dina Sastra Sunda

Ku ATEP KURNIA

PASANTRÉN geus lila ayana di Tatar Sunda. Numutkeun Ékadjati (2004), pasantrén mimiti nu diadegkeun di Tatar Sunda téh nyaéta pasantrén anu dibuka tur diluluguan ku Sunan Gunung Jati sabudeureun abad ka-15 di Bukit Amparan Jati, kurang leuwih 5 km kaléreun Kota Cirebon.

Tapi ari di Priangan mah, pasantrén téh karak aya dina abad ka-17. Cek Ékadjati (2004) mah pasantrén Pamijahan di kiduleun Tasikmalaya nu pangheulana ngadeg téh. Eta pasantrén diadegkeun ku Syékh Abdul Muhyi. Ti dinya mah dug-deg pasantrén di ditu di dieu.

Tangtu wé lahirna pasantrén téh balukar tina prosés islamisasi. Sedengkeun ari islamisasi di Tatar Sunda geus aya ti mangsa karajaan Sunda nanjung kénéh, kira-kira dina abad ka-13. Panaratasna, sodagar-sodagar Muslim nu asalna ti kuloneun Tatar Sunda samodél ti Arab, Parsi, India, Malaka, jeung Sumatra nu ngabuniaga di labuan-labuan nu aya di wewengkon karajaan Sunda, saperti Banten, Tangerang, Sunda Kalapa, Cimanuk, jeung Cirebon. Ogé nu datang ti wétaneunana, nyaéta ti wewengkon Jawa.

Dina énas-énasna mah pasantrén téh lembaga atikan. Minangka lembaga atikan, pasantrén di Tatar Sunda sajalan pisan jeung tradisi kabuyutan anu geus aya ti saméméhna. Nu saruana lebah tempatna anu rada nenggang ti padumukan jalma réa. Lian ti éta, lebah ngagunakeun bahan-bahan pustaka deuih saruana téh. Boh pasantrén boh kabuyutan, duanana gé maraké bahan pustaka enggoning ngatik ngadidik para muridna téh.

Salian pangajaran agama, di pasantrén gé diajarkeun sawatara bagbagan paélmuan saperti élmu logika (mantiq), élmu basa (kayaning nahwu, sharaf, ma’ani, jeung bayan), jeung élmu palintangan (falaq). Kitu deui sastra (adab) sarua hirup di pasantrén.

Dina kamekaranana, cek Abdullah (2003) mah sastra pasantrén téh kabagi dua. Aya tradisi lisan, aya deuih tradisi tulis. Tradisi lisan nu hirup di pasantrén antarana: pupujian; hagiografi jalma-jalma suci; Barzanji; wirid; hizb; jeung wifiq.

Pupujian dijieun dumasar kana sawatara sumber, upamana Al-Quran, Burdah, atawa Syaraful Anam. Hagiografijalma suci nyaéta carita jalma-jalma suci dina sajarah Islam atawa ti kaom Sufi, upamana carita Sufi Syéikh Abdul Qadir Al-Jailani, nu kawentar ku sebutan Manakib Syéikh Abdul Qadir Jailani, Abu Nawas, atawa Quaysy Al-Qarni.

Papadaning kitu, ti saprak pamaréntah kolonial Hindia Walanda muka sakola dina abad ka-19 nepi ka kiwari mangsana pangaruh sastra Barat geus mahabu di urang, sastra pasantrén téh geus réa anu diawétkeun dina buku-buku citak.

Ti antara buku-buku nu réa téa, bawirasa bisa dibagi dua. Kahiji winangun carita pondok. Nu kaduana, winangun roman. Carita pondok anu nu mimiti kapaluruh téh “Santri Gagal” karya Muhamad Musa anu dimuat dina Soendanesch Bloemlezing (1881) yasana G. J. Grashuis. Ceuk Moriyama mah (2005: 185), éta carita nu wangunna prosa téh ditulis Musa saméméh 1869, sabab Holle geus nyieun tingkesanana dina suratna keur pangurus Paguyuban Batavia keur Seni jeung Pangaweruh (BGKW).

Satuluyna anu kabaca téh aya carita pondok “Ceurik Santri” jeung “Tanah Satapak Peucang” anu dimuat dina Ceurik Santri (1985) yasana Usép Romli H.M. Dina Jajatén Ninggang Papastén (1988) karyaYus Rusyana, aya deuih carita pondok nu kasang tukangna baruntakna pasantrén Sukamanah pingpinan K.H. Zainal Mustofa mangsa Jepang narajang, nyaéta “Du’a keur Umi.” Kitu deui dina Jiad Ajengan (1991) beunangna Usép Romli H.M. Di dinya gé aya carita pasantrénan, hususna dina carita “Jiad Ajengan”, “Nyekar”, jeung “Bugang di Sisi Wahangan.”

Tapi di antara carita-carita pondok sabudeureun pasantrén téh, réa pisan anu suasanana pinuh ku lulucon. Nu pangheulana kudu disebut, tangtu, Dongéng Énténg ti Pasantrén (1961) karya RAF. Carita-caritana dumasar kana pangalaman diajar di pasantrén dina mangsa dijajah ku Jepang salila dua taun. Dicaritakeun bari direumbeuy ku lulucon.

Ahmad Bakri gé dina Ki Merebot (1987) ngamuat deuih carita pasantrén anu lucu, pangpangna mah carita “Abah Mandor.” Kitu deui Usép Romli, dina Dulag Nalaktak (2006), ngamuat carita lulucon santri. Judulna “Salatu Tilu Puluh Anem“, nu nyaritakeun mualaf bangsa Cina anu masantrén bari usaha.

Ari anu wangunna roman mah paling saeutik kacatet tujuh judul buku anu geus medal téh. Bari éta téh bisa dibagi dua deui. Kahiji anu sacara gembleng nyaritakeun dunya sabudereun pasantrén. Hiji deui anu ngan jadi sékuén atawa épisode wungkul.

Nu gemblengna mah ngan aya dua judul nu kacatet téh. Pahlawan-Pahlawan ti Pasantrén (1966) nu kahiji. Ieu roman ditulis ku duaan, nyaéta ku Ki Umbara jeung S.A. Hikmat. Maké sandiasma Ki Ummat. Mangrupa roman munggaran nu ngagambarkeun kahirupan pasantrén jeung perjoangan bangsa. Roman kaduana, Béntang Pasantrén (1983). Dina ieu roman, Usép Romli ngagambarkeun hubungan cinta antara santri jeung anak ajengan.

Sedengkeun anu ngan jadi sékuén atawa épisode tina roman mah, kaitung réa. Geura, sok sanajan Mas Natawiria ngajudulan karyana Tjarios Ki Santri Gagal (1921). Tapi dina seuhseuhanana nyaritakeun kateubeneran tokoh Kurnia. Da nu nyaritakeun ngeunaan pasantrénna mah ngan saeutik. Nyaéta ti kaca 20-23, nu ngurung dua bab: “Koernia Dipasantrénkeun” jeung “Gambar Idoep”.

Atuh dina Mantri Jero (1928), Méméd Sastrahadiprawira ngan nyaritakeun pasantrén téh lebah Yogaswara hayang ngabdi ka pangawulaan Nagara Tengah, tapi manéhna dititah ku bapana supaya masantrén heula di pasantrén Janggala nu dipingpin ku Kiai Abdulmugni.

Kitu deui Moh. Ambri. Dina karyana, Ngawadalkeun Nyawa (1932), pasantrén téh ngan dikaitkeun jeung asal-usul Datawardaya. Basa diasupkeun ka pasantrén gedé di Demak, ku lantaran tingkah-lakuna nu pinuji manéhna dijadikeun anak angkat ku Kiai sarta dingaranan Datawardaya.

Ari Ahmad Bakri, ngaliwatan Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati (1988), nyaritakeun soal pasantrén téh lebah tokoh Amin anu teu diidinan keur ngawin Emah. Antukna keur mopohokeun Nonoh – bébénéna anu dikawin Darimi -, Amin masantrén di Sanding.

Kitu sigana salalar ngeunaan buku-buku Sunda anu ngarekam dunya pasantrén jeung unak-anik anu kaalaman ku para santri.***

Sumber: Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda

LIHAT INDEKS ARTIKEL

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

%d bloggers like this: